Nadhom Gusti Urang Sarerea

No Comments

 Nadhom Gusti Urang Sarerea

 Gusti urang sarerea

Kanjeng Nabi anu mulya

Muhammad jenenganana

Arab Qures nya bangsana

Ramana gusti Abdulloh

Ibuna Siti Aminah

Dibabarkeunna di Mekah

Wengi senen taun gajah

Robi’ul awwal bulanna

Tanggal kadua belasna

April bulan masehina

Tanggal kadua puluhna

Ari bilangan taunna

Lima ratus cariosna

Tujuh puluh panambahna

Sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur

Waktos babarna kacatur

Ningal cahya mani ngempur

Di bumina hurung mancur

Babar taya kokotoran

Orok tos kenging nyepitan

Soca lir kenging nyipatan

Sarta harum seuseungitan

Bareng lahir Rosululloh

Anjeuna sujud ka Alloh

Bari ngucapkeun kalimah

Pujian ka gusti Alloh 

Allohu akbar kabiro

Walhamdu lillahi katsiro

Wasubhanalloh bukrotan

Waasilah karomatan 

Lajeung anjeuna beresin

Maca tahmid jelas pisan

Ku sadaya malaikat

Dijawab tahmidna cepat

Lajeung Rosululloh tanggah

Ka langit teu sagawayah

Ciri luhur darajatna

Batan Rosul nu liana

Medal Nabi akhir jaman

Pirang-pirang kaanehan

Sesembahan bangsa setan

Kabeh pada raruksakan

Nabi yuswa lima bulan

Geus tiasa angkat-angkatan

Yuswana salapan bulan

Geus capetang sasauran

Yuswana sapuluh bulan

Tiasa ameng papanahan

Ngelehkeun budak nu lian

Tapi tara kumagungan

Parangina Kanjeng Nabi

Jatnika pinuh ku puji

Pinter tur gede kawani

Sobar nyaah ka sasami

Keur opat taun yuswana

Diberesihan manahna

Nabi dibeulah dadana

Malaikat nu meulahna 

Jibril kadua rencangna

Mi’kail jenengan nana

Ngeusikeun kana manahna

Elmu hikmah sapinuhna 

Tuluy dada kanjeng Nabi

Gancang dirapetkeun deui

Sarta teu ngaraos nyeri

Dicap ku khotamin nabi

Harita Nabi ayana

Di lembur ibu inangna

Halimah jenenganana

Sadiah ngaran lemburna

Rama Nabi kacaturkeun

Pupusna kacarioskeun

Basa Nabi dibobotkeun

Dua sasih kaunggelkeun

Barang kalima taunna

Rosul dicandak ibuna

Ziarah ka makam Abdulloh

Di Abwa negri Madinah

Saparantosna ziarah

Teu lami lajengna mulih

Nuju dina perjalanan

Raden Aminah nyecepan 

Parantos tiris karaos

Bari nangis jeung nyaris

Urang reureuh heula bae

Sabab umi atos cape

Tina onta lajeung turun

Dina lebah gunung hujan

Lajeung anjeuna nganyuksruk

Rosul disiraheun calik

Cuma limba cisocana

Sedih ningali umina

Saurna Raden Aminah

He anak umi nu deudeuh

Umi teu kuat ku sedih

Lamun ngantunkeun anjeun teh

Bari anjeuna ngusapan

Ka Rosul dina siraheun

Rosul nangis diciuman

Heula bari diwurukan

He anak umi parantos

Ngandung jeung lahir jeung ngurus

Tamplokeun kabeh kanyaah

Ka anjeun nu dipika sedih

Anjeun buah hate umi

Anjeung kembang soca umi

Anjeun hidep sing tawakal

Nalika umi tos wangsul

Lain umi henteu  beurat

Ka anjeun tetep nyarapat

Ngaran umi moal pegat

Tepi ka poe qiamat

Salajeungna Rosululloh

Ka umi anjeuna nyu’uh

Saurna Raden Aminah

Umi ka maot tos tereh

Lajeung ngaluarkeun napas

Rosullulloh segruk nangis 

إِنَّا لِلَّٰهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُونَ – الفاتحة  ...

Keur lima taun yuswana

Ditinggal pupus ibuna

Tuluy dirawat eyangna

Abdul mutolib asmana

Kersana robbul’alamin

Kanjeng Nabi nu prihatin

Yuswa dalapan taun yakin

Eyangna mulih ka batin

Sabada wafat eyangna

Tuluy dirawat uana

Abu Thalib kakasihna

Saderek teges ramana

Kanjeng nabi sering pisan

Dicandak ka nagara Syam

Sok nyandak barang dagangan

Didinya teh pajeng pisan

Kacatur dieta nagri

Loba pandeta Yahudi

Sarta pandeta Nasroni

Nu tepang jeung kanjeng Nabi

Sadaya sasauran

Ieu jalmi moal nyalahan

Pi nabieun akhir zaman

Toret injil tos ngibaran

Sifat nabi panganggeusan

Aya dianjeuna pisan

Harita loba nu iman

Ka nabi ngangken panutan

Lami-lami kangjeung nabi

Disambut kuu hiji istri

Dagangna ka unggal negri

Kauntunganna dibagi

Istri jenengan Khodijah

Putra Khuwalid  katelah

Nu pangbeungharna di Mekah

Ka nabi kalangkung nyaah

Siti Khodijah masrahan

Ka nabi barang dagangan

Maesaroh nu ngarencangan

Ka nabi purah nyarengan

Kacarios Maesaroh teh

Loba pamendakna aneh

Ciciren nabi nu soleh

Matak ngaherankeun kabeh

Tatangkalan uluk salam

Mega bodas sok mayungan

Jeung aya cap kanabian

Dina salirana pisan

Pamendak Siti Khodijah

Cocok pisan jeung Maesaroh

Akhirna Siti Khodijah

Ka nabi mundut ditikah

Harita yuswana nabi

Salawe taun kawarti

Ngadak-ngadak sugih mukti

Tapi tambah sae ati

Karesepna kanjeng nabi

Ka gusti Alloh ngabakti

Di gunung Hiro maranti

Ibadahna saban wengi

Didinya jol ka sumpingan

Jibril nu nurunkeun Qur’an

Kalawan dawuh pangeran

Nabi didamel utusan

Harita yuswana nabi

Pat puluh taun kawarti

Diutus ku Alloh pasti

Ngembarkeun agama suci

Anu iman pangheulana

Siti Khodijah garwana

Abu Bakar kaduana

Sohabat nu pangmulyana

Murangkalih nu nonoman

Anu pangheulana iman

Sayyidina Ali pisan

Ka nabi saderek misan

Jeung ari jalma beulian

Anu pangheulana iman

Said Bilal kaleresan

Anu jadi tukang adan

Ari lolobana pisan

Ka nabi teh ngamusuhan

Nganiaya ngajailan

Teu aya pisan rasrasan

Para sahabat kungsi ngalih

Ka negri Habsi nu tebih

Didinya anjeuna linggih

Kira kenging tilu sasih

Samulih sohbat ti Habis

Kacarios kanjeng nabi

Kenging pohara cocobi

Kersana nu Maha Suci

Uwana sareng garwana

Pada pupus dua nana

Harita nabi yuswana

Kalima puluh taunna

Geus pupus Siti Khodijah

Nikah ka Siti Saodah

Sareng Siti Aisyah

Umil Mu’minin katelah

Tidinya kersa pangeran

Maparin kamulyaan

Ka nabi nu akhir zaman

Kakasih nu sifat rohman

Nuju tanggal tujuh likur

Bulan Rajab nu kacatur

Nurut kaol anu mashur

Kanjeng nabi teh disaur

Dipapag ku malaikat

Nyandak buroq nu kasebat

Leumpangna teh cara kilat

Tungganganeun nabi angkat

Ti Mekah ka Baetal Maqdis

Teu nganggo lami antawis

Ku jalma henteu ka tawis

Kersana Gusti Nu Wacis

Ti Baetal Maqdis terasna

Naekna tangga kencana

Mi’raj tea kasebatna

Ka langit nabi sumpingna

Tujuh langit sadayana

Jeung arasy nu pangluhurna

Disumpingan sadayana

Katut surga narakana

Kanjeng nabi ditimbalan

Ku Gusti Ni Sifat Rohman

Anjeuna kudu netepan

Solat muji ka Pangeran

Kabeh jalma anu iman

Sami pada kawajiban

Solat nu lima giliran

Henteu meunang dikurangan

Solat eta minangkana

Dina agama tihangna

Jallma nu luput solatna

Nyata rubuh agamana

Kacarios dina zaman

Mi’rajna nabi panutan

Yuswana teh kaleresan

Lima puluh dua jalan

Kafir Mekah kacaturkeun

Barang nabi nyarioskeun

Mi’raj lain dimulyakeun

Anggur pada nyeungseurikeun

Pada hasud ngakalakeun

Tidinya Alloh ngersakeun

Kanjeng nabi dialihkeun

Ka Madinah disirnakeun

Per sohabat pirang-pirang

Nu tumela milu iang

Milu ngalih sewang-sewang

Henteu pisan sumureang

Tambah kamulyaan nabi

Di Madinah asal sepi

Jadi rame kunu ngaji

Muji kanu Maha Suci

Sapuluh taun lamina

Di Madinah jumengna

Agama islam cahyana

Gumebyar kamana-mana

Negri Mekah diperangan

Akhirna kahoyong pisan

Nabi tambah kamulyaan

Yakin lain jijieunan

Puputrana kanjeng nabi

Aya opat anu istri

Siti Zenab nu kahiji

Rukhoyah nu hiji deui

Umi Kulsum katiluna

Siti Fatimah bungsuna

Ari putra nu cikalna

Sidna Qosim kekasihna

Sidna Abdulloh raina

Ibrohim nu katiluna

Eta nu genep putrana

Siti Khodijah ibuna

Sidna Ibrohim ibuna

Mariah jenengan nana

Istri ti Mesir asalna

Tah kitu turunan nana

Putra nu pameget kabeh

Pupus keur aralit keneh

Nu istri carogena teh

Para sohabat nu soleh

Siti Zenab carogena

Abul As jenengan nana

Siti Rukhoyah carogena

Sidna Usman mimitina

Geus Siti Rukhoyah hilang

Anjeuna turun ka ranjang

Umu Kulsum putri lanjang

Ditikah gentos nu hilang

Caroge Siti Fatimah

Sidna Ali nu katelah

Bakaromallohu wajhah

Anu ka mashurkeun gagah

Ari putu kanjeng nabi

Dalapan pameget istri

Siti Umamah jeung Ali

Ti Siti Zenab kawarti

Ari Sidna Abdulloh mah

Putu ti Siti Rukhoyah

Putu ti Siti Fatimah

Aya lima kabehna mah

Tilu anu pamegetna

Sidna Hasan kakasihna

Sidna Husen kaduana

Sidna Muhsin katiluna

Umi Kulsum nu istrina

Ka Sidna Umar nikahna

Sitna Zenab kaduana

Nurut ungeling wartosna

Urang kudu cinta ati

Katurunan kanjeng nabi

Poma ulah goreng ati

Sumawona hiri dengki

Ari mungguh kanjeng nabi

Nyaahna langkung ti misti

Ka umatna jaler istri

Leuwih ti sepuh pribadi

Welas asih anu miskin

Sumawona ka budak yatim

Pada seubeuh ku paparin

Kadaharan jeung pisalin

Akuan ka urang kampung

Calik satata ngariung

Tara angkuh jeung adigung

Sanajan ka urang gunung

Kanu nyandang ka susahan

Gering jeung kapapatenan

Ngalayad sarta ngubaran

Ngajajapkeun ka kuburan

Manis saur manis budi

Estu mustikaning jami

Sajagat mo mendak deui

Sae rupi jeung parangi

Raray llir bulan purnami

Halisna lir katumri

Waos lir inten biduri

Salira harum wawangi

Estu kersaning Pangeran

Lain seungit diminyakan

Karinget pada nandean

Diparake seuseungitan

Sakitu nabi mulyana

Taya pisan adigungna

Angkat pungkureun sohbatna

Kalangkung handap asorna

Anggoan kersa lumayan

Najan nu tos ditambalan

Kitu deui katuangeun

Banget pisan dikirangan

Betah dina kamiskinan

Lain sebab teu kagungan

Ngahaja bae ngirangan

Ngarah ka ridhoan Tuhan

Pirang-pirang mu’zijatna

Tawis kanabian nana

Qurán nu nomer hijina

Mu’zijat nu pangmulyana

Tangkal nu perang daunna

Disiram tilas abdasna

Ngadadak loba buahna

Sarta hirup satuluyna

Domba nu banget kuruna

Sartana lebet susuna

Diusap ku pananganna

Ngadadak juuh susuna

Dina hiji waktos deui

Sohbat ka kirangan cai

Teras bae kanjeng nabi

Mundut cai anu kari

Cai ngan saketel pisan

Taya deui anu lian

Nabi neuleumkeun panangan

Du madak tuluy manceran

Cai mancer loba pisan

Kaluar tina panangan

Sela-sela ramo pisan

Cukup ku jalma rebuan

Kacatur hiji bedewi

Ngadoja ka kanjeng nabi

Nitah nyaur tangkal kai

Sina ngomong cara jalmi

Tuluy tangkal teh disaur

Harita ku kanjeng nabi

Tangkal dating ngagulusur

Akarna teh digugusur

Ngadeuheus ka kanjeng nabi

Uluk salam cara jami

Sangges kitu balik deui

Ka tempat asalna deui

Badwi teh ngan kantun heran

Ninggal eta kaanehan

Tuluy bae asup islam

Ka nabi ngangkeun panutan

Saliana loba deui

Mu’zijat ka kanjeng nabi

Mun diwincik hiji-hiji

Keur nulisna moal mahi

He Alloh Nu Sifat Rohman

Abi sadayana iman

Teu aya deui Pangeran

Lianti Anjeuna pisan

Nu ngadamel bumi alam

Rawuh saeusina pisan

Nu wajib diibadahan

Taya anu nyasamian

Sareng abdi iman deui

Ka Sidna Muhamad nabi

Yen eta utusan gusti

Miwulang sadaya jami

Nu sifat kapercayaan

Bijaksana tur Budiman

Bener unggal sasauran

Najan saur kaheureuyan

Ngembarkeun kangjang nabi the

Ka jalma sadunya kabeh

Dawuh pangeran nu soleh

Nu wajib diturutna the

Hurmat urang ka anjeuna

Dina mangsa jumeneungna

Sareng saba’da wafatna

Eta teu aya bedana

Dug gusti junjungan abdi

Sidna Muhammad Habibi

Pamugi salira nampi

Kanu hina diri abdi

Abdi ummat akhir zaman

Anu banget panasaran

Hoyong tepang ngadeuheusan

Seja tumut serah badan

Di yaumiil akhir pamugi

Abdi sing janten ngahiji

Sareng indung bapa abdi

Ngiring gusti ka sawargi

Dear readers, after reading the Content please ask for advice and to provide constructive feedback Please Write Relevant Comment with Polite Language.Your comments inspired me to continue blogging. Your opinion much more valuable to me. Thank you.