Tampilkan postingan dengan label Syair Nasehat Untuk Santri Akhir Zaman. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Syair Nasehat Untuk Santri Akhir Zaman. Tampilkan semua postingan
NASEHAT KANGGE SANTRI AKHIHR ZAMAN

NASEHAT KANGGE SANTRI AKHIHR ZAMAN

No Comments

NASEHAT KANGGE SANTRI AKHIHR ZAMAN


Bissmilah jadi kawitan, alhamdulillah pujian

Tur sholawat ka junjunan, nu janten rosul pilihan 2x

Eling-eling para santri, hirup kudu sadar diri

Inget tujuan di bumi, bahwa urang teh rek ngaji 2x

Ceuk saha ngaji babari, babari mah ngoprek FB

Lamun heg ngaji babari, kabeh ge jadi kiyai 2x

Santri penerus kiyai, kiayi pewaris nabi

Nabi utusan ilahi, nu ngatur umat di bumi 2x

 

Hate kula miris pisan, ningal santri akhir zaman

Kalobaanna FBan, daripada pangajian 2x

Kitu ge geus alus pisan, sabanding jeung kalobaan

Budak dina akhir zaman, meuntingkeunna sakolaan 2x

Teu inget pikeun aherat, hirup asa rek salamet

Padahal tujuan umat, bagja dunya tur aherat 2x

Kamana jalan ka Jogja, kaditu ka palih wetan

Kamana neangan bagja, kaditu kapasantrenan 2x

 

Inget papatah pun guru, lamun ngaji ulah turu

Keun bae awak ge kuru, nu penting elmuna timu 2x

Kula bingah ningal santri, komo ka santri salafi

Hirup na ge malandiri, tapi pikeun beukeul diri 2x

Hampura kula hampura, nyieun syair lalawora

Sabenerna kula era, mugi dulur ngahampura 2x

Ieu syairan insani, anu hususna keur abdi

Umumna ka para santri, ngarah hirup sadar diri 2x


https://www.youtube.com/watch?v=GZVnX8TQq1s