AQIDAH SAM’IYAT

No Comments

 

AQIDAH SAM’IYAT

20 Kajadian

 

Dua puluh kajadian

Anu pasti karandapan

Sabab atos disaurkeun

Kuutusan dina al Qur’an

Hiji Siksa Kubur

Nukadua Ni’mat Kubur

Tilu Patarosan

Malaikat Munkar Nakir

Opat Álam Baás

Hartina hudang ti kubur

Nu kalima Hasru

Kabeh mahluk digiringkeun

Kagenep Qiyamah

Poe kahancuran jagat

Katujuh Hisaban

Poe perhitungan amal

Kadalapan Sawab

Hartina eta ganjaran

Kasalapan Ádzab

Hartina eta siksaan

Kasapuluh Mizan

Hartina eta timbangan

Pasti kajadian

Amal manusa ditimbang

Sabelas Naraka

Tempat jalma nu doraka

Dua belas Shirot

Cukang luhureun naraka

Tilu belas Haod

Talaga kangjeng nabi

Pat belas Syafaat

Pembelaan kangjeng nabi

 

Lima belas Surga

Tempat jalma nu taraqwa

Genep belas Khulud

Hartosna langgeng di Surga

Tujuh belas Ru‎‎‎’yat

Ningali Alloh di Surga

Mu’min sadayana

Pasti bakal ningalina

Dalapan belas Jaza

Hartina teh pembalasan

Ámal manusia

Pasti aya balasanna

Salapan belas Maoqif

Tempat kumpul kabeh mahluq

Panon poe anu tujuh

Bijil sadayana

Dua puluh Árasy

Kursi Qolam Lohmahfudna

Ieu sadayana

Aqidah sam’iyat ngarana

Dear readers, after reading the Content please ask for advice and to provide constructive feedback Please Write Relevant Comment with Polite Language.Your comments inspired me to continue blogging. Your opinion much more valuable to me. Thank you.